Minggu, 25 Oktober 2015

BIOGRAFI



 BIOGRAFI

Biografi disebut ogé riwayat hirup, nya éta pedaran ngeunaan hal-hal anu kaalaman atawa anu dirandapan ku hiji jalma, boh kaalaman ku sorangan atawa ku batur.Biografi mangrupa riwayat hirup hiji jalma nu dicaritakeun ku jalma lian/ku batur. Sedengkeun riwayat hirup nu dicaritakeun ku dirina sorangan disebut riwayat hirup pribadi (otobiografi)

-          Prinsip

Hal-hal anu ilaharna aya dina riwayat hirup, di antarana baé :
Jati diri (ngaran, weton/tempat, tanggal, bulan, jeung taun ;ahir)
Ngaran indung jeung bapa
Riwayat sakola atawa atikan
Riwayat gawé
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsidicekel
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
Pangajén atawa penghargaan nu kungsi katarima (mun aya)
Karya anu kungsi dijieun saperti buku, tulisan liana, jsté
Kagiatan-kagiatan nu sok diiluan saperti seminar, lokakarya, penataran, jsté

-          Prosedur
Conto riwayat hirup singget.
Ngaran                               : Wahyu Affandi
Ngaran panggung              : Doel Sumbang
Weton                                : Bandung, 16 Méi 1963
Agama                               : Islam
Atikan                                : SD di Bandung
                                                  SMPN 9 Bandung
                                                  SMA BPI Bandung
                                                  SMA Ma’arif
Istri                                    : Rina Rafina
Karier                                : Penyanyi lagu pop Indonesia jeung Sunda
Karya                            : lagu : “Jol”, “Talaga Patenggang”, “Hese”, “Buaya”, “Pangandara”  Jsb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar